Assalamualaikum wr. wb.
Sampurasun.
Pikeun ngaheungkeutkeun deui silaturahmi, insya Alloh baris diayakeun acara Patepung Lawung/ Reuni Akbar Alumni Mahasiswa Jurusan Basa jeung Sastra Sunda Fak. Sastra Universitas Padjadjaran ti unggal entragan.
Ieu acara baris lumangsung dina:
- Kaping: 25 Desember 2010
- Dinten: Saptu,
- Tabuh: 10.00 WIB d.k. tabuh 15.00 WIB.
- Tempat: Gedong PSBJ Fak. Sastra Unpad Kampus Jatinangor (nuju dikonfirmasi).
Ku kituna ka kumna alumni mahasiswa Sastra Sunda Unpad di mana wae ayana, di suklakna di siklukna, diantos pisan kasumpinganana pikeun ngaluuhuan ieu acara. Teu kauger ku lulus henteuna, asal kantos kacatet janten mahasiswa Sastra Sunda Unpad, tiasa sumping ka ieu acara.
Pikeun lumangsungna ieu acara, alumni diperih iuran minimal Rp. 100.000/urang.
Heuseus alumni lulusan 2005 d.k. 2010 cekap Rp. 50.000 wae.
Artos iuran tiasa ditransfer ka No. Rek. Panata Calagara Patepung Lawung Alumni Pamass Unpad, nu kauningakeun di handap ieu:
Bank Mandiri : xxxxxxxxxxxxxxxxxx Cab. Buahbatu
Bank BCA : xxxxxxxxxxxxxxxxxx Cab. Abdurrahman Saleh Bandung
Bank BRI : xxxxxxxxxxxxxxxxxx Cab. Pajajaran Bandung
sadaya a.n. AMALIYA KARMINIATI
Rengse Transfer mugia kersa SMS ka Ceu Amaliya (Amel) ka nomer xxxxxxxxxxxxxxxxxx
Wuwuhkeun nami, entragan, katut jumlah transfer, katut bank tujuan transfer.
Pikeun ngababarikeun identifikasi, mugia diwuwuhkeun 3 digit nomer HP Akang/Aceuk/Sadaya dina SMS supados kauningakeum nomer rekening saha-sahana.
Conto format SMS:
RICKY NUGRAHA, H1B92, Rp. 500.157, Bank Mandiri (perhatoskeun 3 digit di tungtung jumlah transfer)
Pikeun ngalancarkeun, diperedih kalayan hormat artos tiasa ditransfer paling elat kaping 15 Desember 2010. Margi artos nu lebet tipayun bade dianggo modal kanggo nga-dp-an katering, souvenir, goody bag, jrrd.
Slip/buktos transfer mugia dicandak dina waktos reuni.
Kanggo alumni nu gaduh stok foto-foto lami jaman kuliah, mugia tiasa dikintun hasil scan ka e-mail sixtonine@gmail.com. Scan foto satiasa-tiasa minimal 1024 x 1280 piksel atanapi minimal 150 dpi (medium res). Dibungkus dina kontainer .Zip atanapi .Rar kalayan diwuwuhkeun katerangan foto sacekapna dina file TXT.
Hatur Nuhun kana perhatosanana.
Diantos kasumpinganana kana ieu acara.
Wassalamualaikum wr.wb.
Wassalamualaikum wr.wb.
Kanggo bewara salajengna tiasa ditingal dina Facebook (www.facebook.com/group.php?gid=119419738098733) atanapi www.reuni-pamass.blogspot.com.
Panyulur
Panyulur
- Ricky Nugraha B92 xxxxxxxxxxxxxxxxxx
- Dian Hendrayana B90 xxxxxxxxxxxxxxxxxx
- Yushida Decky B002 xxxxxxxxxxxxxxxxxx
Tidak ada komentar:
Posting Komentar