KURING JEUNG JURUSAN SASTRA SUNDA: BIHARI, KIWARI, JEUNG BARING SUPAGI

Ku: Cécé Sobarna*


Asalamu'alaikum warohmatullahi wabarakatuh,


Alumni Jurusan Sastra Sunda anu ku sim kuring dipihormat,
Bet asa jadi baringung basa panitia nepungan yén sim kuring kudu cumarita dina ieu réuni. Ari nu jadi sabab, jejer naon anu kudu dicaritakeun éstuning tacan manggihan nu payus. Di sagigireun éta, masih loba alumnus anu leubeut pangalamanana, jembar pangaweruhna, luhung kalungguhanana, sarta nyongcolang préstasina, matak pikareueuseun. Ku sabab ngeukeuhan waé, atuh éléh déét, jabung tumalapung, sabda tumapalang, urang néangan luang ti papada urang wéh, sasieureun sabeunyeureun mah. utamana keur adi-adi nu masih kénéh nyuprih élmu di Jurusan Sastra Sunda, anu sakapeung mah marasih hamham sarta tacan bisa narimakeun kana kadar kuliah di Jurusan Sastra Sunda.

Para almunus anu ku sim kuring dipihormat,
Kecap réuni sacara harfiah ngandung harti tepung deui sanggeus lila papisah. Tangtu waé ieu kagiatan téh geus ngabaku pikeun hiji organisasi atawa lembaga mah, komo deui nu aya patalina jeung atikan. Manusa salaku mahluk sosial tur boga rasa(-rumasa) tinangtu réuni jadi ubar katineung anu nyangkaruk dina pikiran jeung haté, nyorang deui lalampahan mangsa ka tukang anu pinuh ku romantika sarta dinamika kahirupan, boh susahna boh senangna dilakonan kalawan babarengan. Malah mah sakapeung réuni téh bisa jadi terapi nu matih pikeun nengtremkeun haté anu keur guligah. Ku kituna, geus sakuduna ieu acara téh bisa jadi wadah pikeun ngébréhkeun rasa syukur ka Nu Mahakawasa yén urang masih dipaparin umur tur séhat sarta rijki. Tangtuna ogé ieu acara téh lain ngan jadi gempungan catur tanpa dapur, tapi lampah pikeun évaluasi, introspéksi, jeung rétrospéksi diri kana ajén naon-naon anu geus dihontal ku urang sabab dina hirup mah apanan poé ieu kudu leuwih alus ti batan poé kamari.

Patalina jeung éta hal, inget kénéh basa kuring mimiti kaluar ti SMA, ka mana nya kuring kudu neruskeun sakola téh estuning poék pisan. Nu jadi sabab mah rumasa boga diri teu pinter siga batur. Ëta ogé osok pirajeunan, basa kuring keur SD nincak kelas opat nepi ka tamatna, unggal sa'men sok dibere hadiah ku wali kelas téh, nu eusina buku, patlot, panyeukeutan jsté. Basa neruskeun ka SMP, atuh bet ku teu asup ka negeri (harita kuring daptar téh ka SMPN 22, anu kakara robah ti SMEP jadi SMP). Ku naon pangna milih SMPN 22 taya lain ambéh teu jauh teuing tur teu pati kaluar ongkos (harita rorompok téh di Babakan Surabaya). Antukna sim kuring asup ka SMP swasta (PGRI II) sabab lanceuk ogé aya anu sakola di dinya. Ongkoh deuih aya dulur nu ngajar di éta sakola, nu bisa dipuntangan mun aya karerepet dina hal waragad. Salila sakola di éta SMP, nya sok kacirian wéh ku guru téh. Pédah ari kenaikan kelas, tilu besar  waé mah sok kaasup.

Satamatna ti SMP, rada pugag ogé rek neruskeun sakola téh ka mana. Ari kolot mah puguh wéh ngarahkeunana ka sakola kejuruan, siga lanceuk-lanceuk (STM, SMÉA, atawa SPG), ngarah téréh meunang gawé. Kahayang kolot tangtu waé teu pati sapagodos jeung haté da rumasa dina éta widang teu boga mînat tur bakat. Ku sabab éta, kuring nyarita ka kolot rék neruskeun sakola téh ka SMA waé. Harita kolot ngidinan asal ka negeri. Ari lanceuk mah geus rék tatan-tatan ngadaptarkeun ka STM OI (Oto Iskandardinata, nu pernahna di Kebonjati) dina teu asupna ka SMA negeri.

Kuring ngilu tés ka SMAN 10. Ari nu dipilih ku naon éta SMA nya éta ngarah jarakna teu jauh teuing supaya dina teu boga ongkos bisa ku leumpang. Pamaksudan hayang sakola ka SMA téh laksana. Di SMA kuring milih jurusan IPA. Préstasi diajar di SMA teu goréng-goréng teuing. Di kelas dua mah pernah jadi rangking kahiji. Ngan nincak ka kelas tilu, sumanget diajar jadi turun pisan nepi ka aya sababaraha pelajaran anu peunteunna goréng pisan. Asana diri téh butek tur teu bisa ojah pikeun ngaronjatkeun diri. Antukna lulus SMA ogé kalayan hasil anu basajan pisan. Tah ku ieu hal ampir pugagna deui cita-cita téh. Teu kaimpleng neruskeun kuliah ka jurusan naon.

Ku sabab lulusan SMA mah teu boga kaparigelan siga kaluaran STM, SMÉA, atawa SPG. Kuring napakuran diri rék jadi naon atuh kuring téh. Tadina mah hayang jadi ahli pertanian, utamana kehutanan. Dina prungna UMPTN milih téh IPC. Milih jurusan gé rada ati-ati, komo dina milih nu katilu mah, bisi teu lulus. Sabab pamohalan kuliah di swasta mah, rumasa boga kolot teu boga. Bapa ngan pangsiunan sipil Pindad golongan handap (IIÉ) ma'lum sakola ngan kaluaran (am'bachtsschool/ST) bari jeung teu pol da lima taun saméméh waktuna bapa geus ménta pangsiun. Atuh puguh wéh nu jadi indung pak pik pek satékah polah ngurus anak tujuh (kuring kagenep, adi mah umur dua taun tilar dunya). Sok sanajan bari jeung walurat biaya, ari sakola mah kudu waé nu jadi kolot téh. Kajeun teu boga nanaon ogé nu penting mah anak sarakola nepi ka lanjutan atas waé mah.

Ku sabab sieun teu asup ka mana-mana, nya pilihan katilu téh kuring milih Jurusan Sastra Sunda. Kitu ogé teu badami jeung kulawarga heula. Spontan wéh harita mah jeung babaturan sobat SMP marilih (sobat mah teu arasup). Dina waktuna diumumkeun hasil UMPTN nya wé asup ka Sastra Sunda. Kulawarga teu pati reueus, malah lanceuk- lanceuk mah nyarankeun geus wéh digawé. Komo babaturan jeung tatangga mah nyeungseurikeun da meureun teu ka erong pikahareupeunana. Dina kaayaan bingung kuring menta bongbolongan ka nu jadi dulur téa, Drs. H. R. Hidayat Suryalaga. Kalayan wijaksana pisan, anjeunna nganjurkeun asupan wéh heula coba. Bekel ti anjeunna kuring ngalakonan kuliah di Jurusan Sastra Sunda bari jeung haté mah marojéngja wéh nepi ka semester opat mah. Sok sanajan kitu, tetep ku kuring dileukeunan, nu penting mah teu aya mata kuliah anu tinggaleun. Prinsip kuring basajan,  nu penting mah sarjana wéh  heula.

Para alumnus anu ku sim kuring dipihormat,
Babaturan anu sanasib aya kurang leuwih 20-an. Ampir rata-rata nu milih ka Jurusan Sastra Sunda téh lain pilihan kahiji. Malah sok aya nu minder tur kamalinaan ngaku- ngaku jurusan lain. Aya ogé nu sok tara tutas mun keur dina beus kota atawa angkot, aya nu nanya kuliah di mana, fakultas naon. Palebah ditanya jurusan naon mah manéhna cenah sok langsung wéh ngagorowok ka supir téh, "Kiri, Pir!”,  langsung ménta turun da sieun katohyan kuliah di Jurusan Sastra Sunda.

Nincak ka semester lima timbul kasadaran tina diri, yén kuliah mah di mana ogé sarua. Intina meunangna élmu kasundaan téh sarua jeung meunangna élmu pangaweruh séjén, nya éta ku ngaliwatan padika atawa metodeu anu ilmiah ogé. Ti dinya jorojoy aya tékad hayang geura lulus kalawan peunteun nu hadé ku jalan ngupahan manéh yén asup ka Jurusan Sastra Sunda téh lain ku sabab kabodoan, tapi mémang geus gurat ti Nu Mahakawasa. Ku sabab éta, kuring mecut diri sangkan lulus gancang terus digawé sok bari jeung euweuh cita-cita rék jadi naon. Komo erongan jadi pagawé negeri mah da kacontoan ku nu jadi bapa sakitu ripuhna apanan.

Nincak semester tujuh diparengkeun tepung jeung salah sahiji dosén senior, nu di jurusan mah minangka pangdipikaajrihna, Prof. Dr. Hj. T. Fatimah Djajasudarma. Alatan anjeunna pisan kuring jadi asistén di Jurusan Sastra Sunda. Nu tadina teu kasawang bakal jadi dosén da rumasa diri tuna pangabisa, antukna nepi ka jucungna kuring jadi doktor linguistik, malah guru besarna ogé. Dina ieu hal kuring kacida ngahaturkeun nuhunna ka Ibu Fat oge dosen-dosen Jurusan, rumasa kuring beurat nyuhun, beurat nanggung, beurat narimakeunana.

Para alumnus anu ku sim kuring dipihormat oge adi-adi,
Kuring asup ka Jurusan Sastra Sunda taun 1984. Jurusan Sastra Sunda mimiti dibukana téh dina taun 1958 mareng jeung mimiti dibukana Fakultas Sastra. Ku sabab tacan boga SDM, Jurusan Sastra Sunda harita masih ngahiji jeung Jurusan Sastra Indonésia. Dibukana Jurusan Sastra Sunda téh ku prakarsana tokoh-tokoh masyarakat Jawa Barat anu mikahéman kana basa jeung sastra Sunda.

Dina taun 1962 Jurusan Sastra Sunda ngadeg mandiri ku alpukahna Bapak Drs. Otong Djajawisastra (alm.), nu harita ngaréngsékeun kuliahna di Jurusan Sastra Indonésia. Ti mimiti ngadegna nepi ka taun 1977 lajuna kurang mekar. Mahasiswana teu leuwih ti sapuluh urang. Ku sabab éta, pihak fakultas jeung universitas nyieun kawijakan, mahasiswa teu diwajibkeun mayar SPP. Eta kawijakan téh lumangsung nepi ka taun 1982. Lolobana nu kuliah di Jurusan Sastra Sunda ti keguruan. Mimiti taun 1980 loba lulusan SMA nu kataji kuliah di Jurusan Sastra Sunda. Ti harita jumlah mahasiswana onjoy, nepi ka ngaleuwihan ti dua puluh urang. Mimiti taun 1983 mahasiswa dikudukeun mayar supaya lumrah jeung jurusan séjénna. Sok sanajan kudu mayar SPP, nu dalaptar mah tetep merul. Malah ku ngaliwatan tés nu sipatna nasional (SPMB) aya ogé calon mahasiswa nu lain urang Sunda daptar ka Jurusan Sastra Sunda, upamana baé ti Jakarta, Jawa, Lampung, malah aya nu ti Kalimantan ogé.

Tug tepi ka kiwari Jurusan Sastra Sunda teu kakurangan nu daptar. Geus sababaraha taun ieu mahasiswa Jurusan Sastra Sunda narima kurang leuwih dalapan puluh mahasiswa, sok sanajan nu daptar ulang mah kurang leuwih 60%-na (Tahun Akademik 2008/2009 lobana 42 urang; Tahun Akademik 2009/2010 lobana 47 urang; Tahun Akademik 2010/2011 lobana 43 urang). Nu arasup ka Jurusan Sastra Sunda ngaliwatan sababaraha jalur, nya éta SMPTN, SMUP, jeung Bidik Misi. Tiap-tiap jalur boga kritériana. Jumlah mahasiswa Jurusan Sastra Sunda nu aktif ayeuna aya kana 200-an urang mah. Jumlah anu kaitung idéal dina hal ngokolakeun atikan mah. Lulusanana geus leuwih ti 500 urang. Jumlah anu lumayan pikeun ngilu ilubiung dina ngawangun Jawa Barat, hususna dina hal kasundaan. Loba lulusan Jurusan Sastra Sunda anu ngajaul préstasina tur dipikawanoh ku balaréa. Saha nu bireuk ka Prof. Fatimah, R. Hidayat Suryalaga, Idin Baidilah, Eti RS, Heri Anta jrrd. Atuh generasi nu ngorana Sali Iskandar, Tedi Muhtadin, Dian Hendrayana, Jasepudin, Rahmat Sopian jrrd. Alumni Jurusan Sastra Sunda lolobana mah jaradi PNS guru basa Sunda, boh di SD, SMP, boh SMA/K. Teu saeutik anu jadi non- PNS, wartawan, karyawan bank, présenter, jrrd.

Para alumnus Jurusan Sastra Sunda anu ku sim kuring dipihormat,
Jaman beuki robah. Lajuna, utamana nu aya patalina jeung élmu pangaweruh sarta teknologi, kacida gancangna, lain dina itungan taun, bulan, minggu, atawa poé deui, tapi geus dina itungan menit, malah mah detik. Ieu parobahan téh geus tangtu mangaruhan kana sagala rupa kahirupan, kaasup widang atikan. Patalina jeung robahna jaman téa naha urang rék jadi nu lalajo waé atawa nu ngilu ngamaénkeun sabab lamun teu kitu, lapur tangtuna gé urang bakal kalindes. Ku kaayaan kitu, naha Jurusan Sastra Sunda ogé bakal mampuh ngigelanana? Tangtuna ogé Jurusan bakal kawalahan. Ku sabab éta, perlu gawé babarengan di antara urang pikeun ngahasilkeun lulusan anu mampuh tur siap jadi panaratas muka paradigma anyar dina kahirupan sangkan masyarakat rancagé sarta mandiri.

Ku kituna, tangtuna ogé ieu réuni kudu ngandung ajén nu luhung. Kiwari lampah Jurusan Sastra Sunda méh lima puluh taun. Umur anu kasebut geus sawawa. Ieu hiji bukti kakuatan yén Jurusan Sastra Sunda masih boga daya tarik pikeun ngirut balaréa, kaasup mahasiswa asing. Upamana waé Universitas la Rochell, Prancis dina sajeroning tilu taun ieu ngirimkeun mahasiswana pikeun diajar ngeunaan kasundaan di Jurusan Sastra Sunda. Ku sabab éta, mahasiswa Jurusan Sastra Sunda ayeuna teu kudu jadi héngkér, épésméér, kuméok méméh dipacok. Sabalikna, urang kudu "pédé" tur "éksis".

Sok sanajan kitu, Jurusan Sastra Sunda kudu boga kawani pikeun ngayakeun rupa-rupa parobahan nu sipatna internal. Komo deui dipatalikeun jeung kawijakan universitas ayeuna ngeunaan WCU anu cenah mah ngokojokeun budaya Sunda. Kitu deui jeung robahna Fakultas Sastra jadi Fakultas llmu Budaya bakal nanjeurkeun Jurusan Sastra Sunda. Di sagigireun éta masarakat kacida mibutuh pangaweruh ngeunaan kasundaan. Ku kituna ka hareup Jurusan Sastra Sunda kudu jadi puseur informan ilmiah ngeunaan sagala rupa kasundaan. Geus tangtu ieu téh bakal jadi lahan garapan anyar nu merelukeun SDM kréatif tur inovatif.

Patalina jeung kawijakan pamaréntah Jawa Barat ngeunaan Perda No. S jeung 6 Taun 2003, sakuduna pamaréntah ngamangpaatkeun lulusan Jurusan Sastra Sunda pikeun ngaimpleméntasikeun éta kawijakan. Pon kitu deui pikeun nohonan kakurangan guru basa Sunda di sakola-sakola. Atuh masyarakat ayeuna mimiti engeuh ka jati dirina nu nuwuhkeun gerakan sadar kasundaan. Tangtu ieu ogé perlu tanaga-tanaga ahlt nu ngarti kana kasundaan. Tinggal urangna bisa ngamanpaatkeun éta lolongkrang atawa henteu. Atikan di paguron luhur minangka modal awal, saterusna mah kacida gumantungna ka nu mi boga éta modal awal téa. Naha tetep, mekar, atawa malah ngurangan. Pangaweruh di widang kasundaan geus nyampak di diri urang salaku alumni, tinggal mekarkeun poia pikir kréasi nepi ka ngahasilkeun gagasan kréatif jeung produktif. Ku ayana éta kréativitas, malah mah lulusan Jurusan Sastra Sunda ulah jadi nambahan angka pengagguran nu dina taun ieu waé aya kana sajutan leuwih.

Para alumnus anu ku sim kuring dipihormat,
Mudah-mudahan ieu gempungan bisa ngawangun budaya organisasi anyar anu didadasaran pinuh ku beungkeutan silaturahmi sarta simbeuhan kanyaah. Ku sabab éta jembarna mah urang kudu paheuyeuk-heuyeuk leungeun, patatalépa réma pikeun ngungkulan rupa-rupa masalah kahirupan bangsa Ku niténan kompléksitasna permasalahan nu disanghareupan, Jurusan kudu terus ngabebenah diri, kaasup ngarobah kurikulum anu luyu jeung perkembangan jaman sarta pangabutuh masarakat. Hal kacida pentingna nu aya patalina jeung kasadaran masarakat ngeunaan kasundaan téa nya éta nuwuhkeun budaya wirausaha (entrepeneurship) kalayan prinsip warisan budaya kasundaan henteu ngan saukur dimumulé sarta jadi pangaresep, tapi miboga ajen ekonomi nu bisa dimangpaatkeun sarta dimekarkeun jadi komoditas nu bisa ngama'murkeun masarakatna bari jeung teu ngamomorékeun ajen-inajen atikan sarta karakter Sunda anu luhung. Ku sabab éta, sakali deui kamandang sarta pangdeudeul ka Jurusan ti alumni anu geus legok tapak genténg kadék kacida dipiharepna sangkan Jurusan Sastra Sunda teu dianggap deui Jurusan Madesu. Mugia!

Pamungkas,
Atuh bilih aya langsung saur, bahe carék, bobo sapanon, carang sapakan. Hapunten anu kasuhun.

Digjaya Jurusan Sastra Sunda!
Billahi taufik walhidayah wasalamu'alakikum wr.wb.

Bandung, 25 Desember 2010

*Kang Cécé téh Profésor Doktor dina widang élmu linguistik.
Ieu orasi ilmiah teh didugikeun dina acara Patepung Lawung Alumni sastra Sunda Unpad nu diayakeun di PSBJ Jatinangor tanggal 25 Desember 2010

BUBUKA

Assalamualaikum wr. wb.
Sampurasun.

Pikeun ngaheungkeutkeun deui silaturahmi, insya Alloh baris diayakeun acara Patepung Lawung/ Reuni Akbar Alumni Mahasiswa Jurusan Basa jeung Sastra Sunda Fak. Sastra Universitas Padjadjaran ti unggal entragan.

Ieu acara baris lumangsung dina:
  • Kaping: 25 Desember 2010
  • Dinten: Saptu, 
  • Tabuh: 10.00 WIB d.k. tabuh 15.00 WIB. 
  • Tempat:  Gedong PSBJ Fak. Sastra Unpad Kampus Jatinangor (nuju dikonfirmasi).

Ku kituna ka kumna alumni mahasiswa Sastra Sunda Unpad di mana wae ayana, di suklakna di siklukna, diantos pisan kasumpinganana pikeun ngaluuhuan ieu acara. Teu kauger ku lulus henteuna, asal kantos kacatet janten mahasiswa Sastra Sunda Unpad, tiasa sumping ka ieu acara.

Pikeun lumangsungna ieu acara, alumni diperih iuran minimal Rp. 100.000/urang.
Heuseus alumni lulusan 2005 d.k. 2010 cekap Rp. 50.000 wae.

Artos iuran tiasa ditransfer ka No. Rek. Panata Calagara Patepung Lawung Alumni Pamass Unpad, nu kauningakeun di handap ieu:

Bank Mandiri              : xxxxxxxxxxxxxxxxxx Cab. Buahbatu
Bank BCA                   : xxxxxxxxxxxxxxxxxx Cab. Abdurrahman Saleh Bandung
Bank BRI                    : xxxxxxxxxxxxxxxxxx Cab. Pajajaran Bandung

sadaya a.n. AMALIYA KARMINIATI

Rengse Transfer mugia kersa SMS ka Ceu Amaliya (Amel) ka nomer xxxxxxxxxxxxxxxxxx
Wuwuhkeun nami, entragan, katut jumlah transfer, katut bank tujuan transfer.

Pikeun ngababarikeun identifikasi, mugia diwuwuhkeun 3 digit nomer HP Akang/Aceuk/Sadaya dina SMS supados kauningakeum nomer rekening saha-sahana.


Conto format SMS:
RICKY NUGRAHA, H1B92, Rp. 500.157, Bank Mandiri (perhatoskeun 3 digit di tungtung jumlah transfer)

Pikeun ngalancarkeun, diperedih kalayan hormat artos tiasa ditransfer paling elat kaping 15 Desember 2010. Margi artos nu lebet tipayun bade dianggo modal kanggo nga-dp-an katering, souvenir, goody bag, jrrd.

Slip/buktos transfer mugia dicandak dina waktos reuni.

Kanggo alumni nu gaduh stok foto-foto lami jaman kuliah, mugia tiasa dikintun hasil scan ka e-mail sixtonine@gmail.com. Scan foto satiasa-tiasa minimal 1024 x 1280 piksel atanapi minimal 150 dpi (medium res). Dibungkus dina kontainer .Zip atanapi .Rar kalayan diwuwuhkeun katerangan foto sacekapna dina file TXT.

Hatur Nuhun kana perhatosanana.
Diantos kasumpinganana kana ieu acara.


Wassalamualaikum wr.wb.

Kanggo bewara salajengna tiasa ditingal dina Facebook (www.facebook.com/group.php?gid=119419738098733) atanapi www.reuni-pamass.blogspot.com.


Panyulur
  • Ricky Nugraha B92 xxxxxxxxxxxxxxxxxx
  • Dian Hendrayana B90 xxxxxxxxxxxxxxxxxx
  • Yushida Decky B002 xxxxxxxxxxxxxxxxxx